Episoder

  • #rawayanbinekas

    Dina budaya Sunda, ceuk Zéni Nugroho atawa Mang Ungil, kitu disebutna ku awak-awak Rawayan, pasualan visual mah mangrupa péér badag nu kudu disanghareupan kalayan daria. 

    Pangna kitu, ceuk ieu ilustrator jeung desainer ku sabab urang Sunda kiwari mah hésé pisan mun rék ningalikeun jati dirina ngaliwatan karya visual téh. 

    “Bénten sareng sélér bangsa Bali, Kalimantan, Batak, sareng Padang, upamana, anu jelas tur katara pisan idéntitas visualna,” pokna tandes.

    Éta kabeungharan sélér bangsa tatangga téh nyampak dina ragam hias anu masih dipaké nepi ka kiwari. 

    “Misalna, visual pikeun ngageulisan pakéan, kaén, atanapi motif ukiran anu aya dina desain arsitéktur wewengkon adatna,” ceuk Mang Ungil ngajéntrékeun.

    ---

    Kitu di antarana cutatan pedaran Mang Ungil, ilustrator, desainer batik, & awak Rawayan waktu medar jejer “Idéntitas Visual dina Budaya Sunda” dina Ngawarung Bandung #7 téh.

    Tangtos di antawis kandangwarga sadaya aya anu teu acan ngabandungan. Ku kituna, baraya sadayana dihaturan waé nyakséni rékamanana dina podcast Rawayan.

    Ieu kagiatan bisa lumangsung hasil rukun gawé Rawayan jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (Pdpbs Unpad).

    1. Anchor

    https://anchor.fm/rawayan

    2. Breaker

    https://www.breaker.audio/rawayan

    3. Google Podcasts

    https://www.google.com/podcasts?feed=aHR0cHM6Ly9hbmNob3IuZm0vcy82NjE2NzdkNC9wb2RjYXN0L3Jzcw==

    4. RadioPublik

    https://radiopublic.com/rawayan-WaoNmM

    5. Spotify

    https://open.spotify.com/show/3vvc7K5GjdBVkmP97Ga3Yb

    6. Pocket Casts

    https://pca.st/nui8csr6

  • #rawayanbinekas

    Sawatara waktu ka tukang, Dede Syafrudin atawa Mang Madu, kitu nénéhna, medar jejer “Pulitisasi Dongéng ti Bihari ka Kiwari” dina Ngawarung Bandung #6 poé Jumaah, 17 Séptémber 2021.

    Pamanggihna, pulitisasi dongéng téh remen dipaké alat pikeun ngukuhkeun kakawasaan. Ti jaman baheula nepi ka ayeuna. Raja-raja jaman baheula sok disebutkeun turunan déwa anu sakti manggulang-mangguling.

    Masih ceuk ieu pangarang, Présidén Sukarno ogé aya anggapan di masarakat maké éta stratégi, tapi henteu maké carita déwa jaman baheula. Masarakat baheula loba nu yakin yén Sukarno téh turunan jin jeung manusa, nu ngalantarankeun dirina boga kakuatan pikeun ngamerdékakeun Indonésia tina penjajahan bangsa asing.

    Kiwari, sabada giroh kaislaman sumebar di sabagian gedé rayat Indonésia, ceuk Mang Madu, nu dipulitisasi téh lain deui cara ngeunaan déwa-déwi jeung raja. Tapi, carita ngeunaan para wali jeung carita nabi. Dina mangsa pilkada kamari, upamana, sababaraha urang calon gubernur ngahaja jarah ka makam sunan, sarta ngaraku turunan Sunan Gunung Jati.

    ---

    Dulur-dulur, éta di antarana nu dipedar ku Mang Madu dina Ngawarung Bandung #6 téh. Ngan, bilih aya anu kakantun sawalana, mangga bandungan waé dina akun podcast Rawayan.

    Ieu kagiatan bisa lumangsung hasil rukun gawé Rawayan jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (Pdpbs Unpad).

    1. Anchor

    https://anchor.fm/rawayan

    2. Breaker

    https://www.breaker.audio/rawayan

    3. Google Podcasts

    https://www.google.com/podcasts?feed=aHR0cHM6Ly9hbmNob3IuZm0vcy82NjE2NzdkNC9wb2RjYXN0L3Jzcw==

    4. RadioPublik

    https://radiopublic.com/rawayan-WaoNmM

    5. Spotify

    https://open.spotify.com/show/3vvc7K5GjdBVkmP97Ga3Yb

    6. Pocket Casts

    https://pca.st/nui8csr6

  • Mangler du episoder?

    Klikk her for å oppdatere manuelt.

  • #rawayanbinekas

    Keur Déni Ahmad Fajar (DAF), Ahmad Bakri lain ngan ukur pangarang Sunda produktif jeung favorit, tapi ogé salah sahiji pangarang anu kagolongkeun master, utamana dina madhab karya réalis.

    Sawatara waktu ka tukang, éta pedaran sastrawan téh disawalakeun dina Ngawarung Bandung #5 poé Saptu tanggal 4 Séptémber 2021. Ieu kagiatan bisa lumangsung hasil rukun gawé Rawayan jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad).

    Bilih aya sugri anu kakantun sawalana, mangga bandungan waé jejer pedaran “Potrét Jurutulis Malingping” dina akun podcast Rawayan.

    1. Anchor

    https://anchor.fm/rawayan

    2. Breaker

    https://www.breaker.audio/rawayan

    3. Google Podcasts

    https://www.google.com/podcasts?feed=aHR0cHM6Ly9hbmNob3IuZm0vcy82NjE2NzdkNC9wb2RjYXN0L3Jzcw==

    4. RadioPublik

    https://radiopublic.com/rawayan-WaoNmM

    5. Spotify

    https://open.spotify.com/show/3vvc7K5GjdBVkmP97Ga3Yb

    6. Pocket Casts

    https://pca.st/nui8csr6

  • #rawayanbinekas

    PANGREUREUHAN
    keur Rikeu

    (Sajak Eris Risnandar)

    samoja mangkak kembangan
    taneuh béar beunang ngagali
    tinggurilap katojo srangéngé pecat sawed

    liang pangreureuhan ngewag
    ngagupay ka nu mulang
    teu kudu melang hariwang
    asal ti taneuh mulang ka taneuh

    dijurung ku melas-melis adan
    paselang jeung kongkorongok hayam
    nu mulang masing tingtrim di pangreureuhan
    merdika ti dunya nu haliwu ku nu ragot silihpacok

  • #rawayanbinekas

    Urang sadayana sok sering nguping di masarakat, aya anu kagungan anggapan yén kawih téh sabalikna tina tembang atanapi sawangsulna yén tembang mah sabalikna tina kawih. Tah, ieu anggapan didasaran kawih téh sekar irama tandak, dina hartos konstan; ditandaan ku aya ketukan. Samentawis, tembang mah iramana merdéka, henteu aya ketukan.

    Tah, ieu anu neba di masarakat téh. Sacara saderhana kitu anggapanana. Kalebet ogé dina dunya atikan. Urang sok sering pisan nguping yén kawih téh, nu tadi téa, sabalikna tina tembang, yén kawih mah sabalikna tina kawih. Dibulak-balik. 

    Lajeng, anu neba deui téh aya anggapan di masarakat yén anu disebat kawih téh lagu-lagu Mang Koko, sedengkeun anu disebat tembang mah cianjuran.

    Naha bet tiasa disebat pasualan? Katingalna mah mémang aya anu kedah dijujut, aya anu kedah dipaluruh. Naha leres anu disebat tembang téh cianjuran? Sareng naha leres nu disebat kawih téh mang kokoan?

    ---

    Éta téh bubuka pedaran Kang Dian Héndrayana dina Ngawarung Bandung #4, alpukah Rawayan rukun gawé jeung Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad). 

    Acarana mah mémang geus kalarung nyaéta Jumaah tanggal 20 Agustus 2021. Najan geus kaliwat, naon anu diguar ku ieu Pamass Unpad 90 nu kiwari ngadosénan di FPBS UPI Bandung téh masih kénéh penting dibandungan deui ku sugri urang Sunda. 

    Naha? Mangga wé regepkeun nyalira dina podcast Rawayan.

  • Alhamdulillah, sawatara waktu ka tukang, Rawayan milu ngawanohkeun budaya Sunda dina wébinar internasional. Ngaran acarana nyaéta “International Virtual Summer Program 2021”, kalayan jejer "ASEAN Business Environment AMIDST Covid Pandemic: Opportunities and Challenges" nu diayakeun ku Fakultas Ékonomi dan Bisnis Universitas Padjadjaran (FÉB Unpad), tanggal 11-18 Agustus 2021.

    Aubna dulur-dulur Rawayan dina éta acara alpukah Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad) anu aya cukang rukun gawé jeung FÉB Unpad. Poé Saptuna, nyaéta tanggal 14 Agustus, awak-awak Rawayan kabagéan midangna téh. Pancén ti Panata Calagara, matéri pedaran Rawayan anu ogé Ais Pangampih PDPBS Unpad kudu nyoko kana jejer “The History of Sundanese Kingdom and Culture”. Éta téh salah sahiji matéri keur mekelan dulur-dulur ti jauhna, di antarana ti Malaysia, Filipina, Myanmar, Thailand, Bangladesh, jeung Pakistan.

  • Alhamdulillah, sawatara waktu ka tukang, Rawayan milu ngawanohkeun budaya Sunda dina wébinar internasional. Ngaran acarana nyaéta “International Virtual Summer Program 2021”, kalayan jejer "ASEAN Business Environment AMIDST Covid Pandemic: Opportunities and Challenges" nu diayakeun ku Fakultas Ékonomi dan Bisnis Universitas Padjadjaran (FÉB Unpad), tanggal 11-18 Agustus 2021.

    Aubna dulur-dulur Rawayan dina éta acara alpukah Pusat Digitalisasi dan Pengembangan Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (PDPBS Unpad) anu aya cukang rukun gawé jeung FÉB Unpad. Poé Saptuna, nyaéta tanggal 14 Agustus, awak-awak Rawayan kabagéan midangna téh. Pancén ti Panata Calagara, matéri pedaran Rawayan anu ogé Ais Pangampih PDPBS Unpad kudu nyoko kana jejer “The History of Sundanese Kingdom and Culture”. Éta téh salah sahiji matéri keur mekelan dulur-dulur ti jauhna, di antarana ti Malaysia, Filipina, Myanmar, Thailand, Bangladesh, jeung Pakistan.

  • Kagiatan “Ngawarung Bandung #3” malem Saptu kalarung geus lekasan. Dina éta sawala, geus diguar ngeunaan “Mekarkeun Sastra dina Média Sosial” ku Kang Hadi Aks, sastrawan jeung paraji Saung Sastra Lémbang (S2L).

    Ngaliwatan sawala daring, tangtuna pangalaman-pangalaman jeung kamandang-kamandang ieu sastrawan moyan téh ngabeungharan sakur nu miluan ieu kagiatan.

    Ngan, bisi aya dulur-dulur anu lasut ngabandungan atawa kataji deui pikeun ngabalénan, mangga regepkeun waé pedaranana dina ieu podcast.

    Mangga nyanggakeun. Mugia aya mangpaatna. Cag.

  • Sawatara waktu ka tukang, Jumaah 30 Juli 2021, kasang tukang jeung prosés kréatif medalna buku "Antologi Puisi Sunda 18+" anu disusun ku Deri Hudaya geus dipedar dina Sawala Rawayan #2.

    Ceuk nu nyusunna, Déri, éta buku téh dijieun minangka tarékah pikeun milu ngadokuméntasikeun puisi basa Sunda anu ditulis sawatara (saeutik) panyajak. Pangna didokuméntasikeun, ceuk inyana, sabab saliwat mah némbongkeun ajén nu teu pati ilahar dina mangsa ayeuna.

    ---

    Sugri anu kakantun nyakséni pedaranana, mangga regepkeun waé pedaran Déri Hudaya dina Sawala Rawayan #2 dina ieu podcast.

  • Pedaran Dr. Téddi Muhtadin, M.Hum., sesepuh Rawayan, ngeunaan kritik sastra (Sunda) Ajip Rosidi dina wébinar MEMBACA (KARYA-KARYA) AJIP ROSIDI alpukah Rancagé, Kemis tanggal 29 Juli 2021.

  • Garut pangirutan. Sigana teu nyalahan éta cacandran ditujukeun ka Kabupatén Garut téh, komo lamun ditilik tina poténsi alam jeung pariwisatana, Garut mémang poténsial jadi pangjugjugan jeung pangirutan balaréa, malah tempat/désa biasa ogé bisa disulap jadi désa wisata, saperti Désa Sukalaksana nu aya di wewengkon Kacamatan Samarang, Garut.

    Saméméhna ieu désa nyingkur téh kaasup “désa miskin”, tapi kiwari ieu désa robah jadi désa wisata nu pada ngadeugdeugan ti suklakna-ti siklukna, malah ngabogaan racikan tutungkusan karuhun “Téh Kéwér” nu dikokojokeun jeung kajojo ka mamana.

    Naon téa Téh Kéwér téh? Naon bédana jeung entéh-entéh séjénna? Siti Julaéha kitu nénéhna atawa Zulaikha Sasmita, salah sahiji awak Rawayan medar ngeunaan Téh Kéwér nu kiwari jadi ikon jeung “branding” Désa Wisata Sukalaksana.